Pangaosan Pamuda: Syukur Nu Make Bukur


Mukadimah

Puji sinareng syukur, urang sanggakeun ka Allah nu Maha Ghofur. Tina nikmatna nu teu kaukur, nikmat sehat henteu udur, nimat boga nagri subur, Indonesia nagri makmur, makmur nu lain catur, . Nikmat boga dulur, nikmat akur jeung batur, nikmat panjang umur, sehingga urang sadaya masih keneh tiasa ngaraosan cuhcur, ka Mang Jamal pikeun dicukur, sareng bisa keneh culak-cileuk di Babakan... simpur.

Rohmat miwah kawilujengan, pamugi salamina dikocorkeun ka Nabi Panutan, Nabi Ummat Akhir jaman, Nabi nu janten junjunan, Nabi Muhammad Sollallahu alaihi wasallam, nabi panungtungan.

Ka para wargi sareng sohabat. Sareng ka sakumna sadaya ummat. Nu taat nu ngadegkeun solat, pamugi ka sadayana Allah masihan rohmat. Rohmat nu lega dugika dinten kiamat. Rohmat nu ngalametkeun kahirupan dunya aherat.

Sateuacanna, nyuhunkeun sae ati, hapunten rupina jisim abdi, bade ngawitan ieu ngaos ku nyabit-nyabit politik tengi. Emut ka Bapak Presiden urang, Bapak Jokowi, kapungkur basa nuju kampanye anjeunna seuri, bari ngacung-ngacungkeun jari, jajangkung sareng curukna dua siki. Atuh kumargi kitu jisim abdi, ningal sederhana anjeunna matak kagoda ati, dugika basa ka Panawangan wangsul ka bumi, abdi badanten sareng pun istri, kira-kirana urang ek milih saha engke dina tanggal 9 Juli. Saha atuh nya nu kira-kira ka rahayat ngarti? Kumaha mun urang milih nu ngacungkeun salam dua jari? Akhirna abdi duaan sapuk ek milih Pak Jokowi. Alhamdulillah, pas jumlah suarana ditingali, jumlaha unggul kahiji, bahkan saatos diproses di Mahkamah Konstitusi, Pak Jokowi angger kenging di Istana tiasa nyalikan korsi, direncangan ku Pak Jusup Kala urang Sulawesi. Baheula basa keur kampanye abdi teu ngarti, naon eta maksudna salam dua jari, seug teh ayeuna tos kapilih nembe kaharti, salam dua jari teh seug teh salam dua rebu......duh ya Robbiiiiiii.....

Bensin naek dua rewu. Nu asalna 6500 jadi 8500, di pom bensin. Kumaha di kampung, haruuuh, nu naekkeun teh rupi-rupi, aya nu naekkeun lima ratus, aya nu naekkeun sarebu, malah nu sanesna mah dijangkepkeun, ngarah teu repot ngangsulan, nekkeunna oge sarebu lima ratus, jadi sapuluh rebu. Ah da butuh, bari motor sieun mogok di jalan, dibeuli we sapuluh rebu ogenan.

Ngadangukeun bapa-bapa, nu ngarobrol, di ditu, di gunung, di Panawangan, "Ari naek bensina mah teu matak seunggah. Nu matak seunggah jeung wegah mah hahargaan sejenna, sok milu nararaek. Eta apanan nyandakna ngangge kandaraan. Di masjid, di Buniseuri, bari nyararande, ngantosan isa, bapa-bapa oge ngarobrol, "Ongkos ka Ciamis naek, komo ka Jakarta mah meni naik dua puluh rebu. Asalna genep puluh lima jadi dalapan puluh lima rebu."

Nu naekkeunnana di Jakarta, nu ramena sa-Indonesia.

Demonstrasi di mana-mana. Kamari mah, di jalan Dipenegoro, Jakarta, tanggal 3 Desember, mahasiswa ditewak tujuh urang, gara-gara demo. Da eta demona dibarengan jeung ngaruksak. Ngalung-ngalungkeun bom molotov, batu jeung mercon. Karunya we ka polisi, nyieun kabijakan henteu, mutuskeun henteu, ari nu kudu tanggung jawab nyanghareupan amukan masa manehna. Komo di Makasar mah, mahasiswa ngablokir jalan payuneun kampusna. Atuhhh, macet. Polisi turun, miwarang bubar. Tapi mahasiswa ngalawan. Ku batu, ku pakakas nu sarareukeut, malah aya nu ngangge panah sagala. Ditarik jamparingna, dilesotkeun, bres keuna pisan kana dada polisi nu namina Pa Totok. Pas pisan nu beunangna teh polisi nu mimpinna. Bisaan tah mahasiswa, sigana mun milu kejuaraan Sea Gym bakal meunang. Hanjakal ieu mah lain deui caritana, ieu mah urusanna ngabunuh. Ningali pamimpinna dipanah, ratusan polisi sejenna, ngarangsek maju, burudul asup ka gerbang kampus, newakan mahasiswa nu garalakna. Heuhhhh...riweuh.

Di mamana rame, nu ngalawan, nu ngadukung. Kumaha urang?
Ah, ari urang mah saukur boga kahayang.
Teu bisa nanaon.
Ngadukung mahal, teu ngadukung oge angger mahal.
Ek ngadukung ek teu ngadukung, bensin angger naek, teu bisa diganggu gugat.
Sugan mun urang pusing mah bensin teh bakal ngadak-ngadak murah. Sugan mun urang terus mengeluh bensin ngadak-ngadak jadi opat rebu lima ratus deui siga baheula, moal.

Syukur Nu Ngajadi Bukur

Daripada pusing mikiran eta, bari kapusing urang euweuh pangaruhna, ayeuna mah mending urang ngalenyepan deui kahirupan urang masing-masing. Tos dugika mana jeung keur kumaha ayeuna. Unggal tos solat, sok ngadawamkeun dzikir Alhamdulillah. Eta dzikir teh diulang-ulang, sahenteuna 33 kali unggal tos solat. Tujuananana kangge ibadah. Margi diajarkeun ku kanjeng Nabi, sakumaha tiasa diaos urang dina syarah Kitab Safinah, dina tengahna, nu disebat syarah Kasyifatus Syaja, nalika nerangkeun bab sholat, di dinya dicantumkeun hadits, kumaha Kanjeng Nabi, saatos solatna. Anjeunna sok ngucapkeun Astaghfirulloh 3 kali, La Ilaaha Illa Allah wahdahu la syariika lah lahul mulku walahul hamdu wahuwa alaa kulli syaiin qodir 3 kali, Allahumma antas salam, waminkas salam, tabaarokta ya dzal jalaali wal ikraam. Teras Subhanallah 33 kali, alhamdulillah 33 kali, Allohu Akbar 33 kali, janten 99 kali, disampurnakeun janten saratus ku ucapan Laa Ilaaha Illa Allah wahdahuu la syariika lah, lahul mulku walahul hamdu, wahuwa alaa kulli syaiin qodiir.

Ngucap Alhamdulillah saatos solat teh ibadah, sakumaha tos diajarkeun ku Nabi.
Ngan, salianti janten ibadah ku wiridananana, kacida langkung saena, saupamina eta ucapan Alhamdulillah jadi ibadah ku diwujudkeun kana kalakuan.

Kumaha carana?

Alhamdulillah teh hartosna, SADAYA PUJI KAGUNGAN ALLAH.
Jalmi nu ngucapkeun Alhamdulillah, hakekatna manehna ngaku, sadaya dadamelan Allah sadayana sae. Naon nu tumiba ka diri urang sadayana sae.

Teu aya anu goreng.

Maka jalmi nu ucapan Alhamdulillahna bener, teu aya basa makruh, teu aya basa ngarasula, teu aya basa kukulutus. Jalmi nu ucapan Alhamdulillahna bener mah, teu boga waktu pikeun humandeuar musingkeun masalah nu geus sakitu buktina, sabab waktosna seep diangge syukuran.

Jalmi nu ucapan Alhamdulillahna bener mah ngarti, terus musingkeun jeung mempermasalahkeun bensin naek, hahargaan marahal teu aya gunana. Dipake lieur naek, teu dipake lieur naek.

Jalmi nu ucapan Alhamdulillahna bener, tibatan sibuk musingkeun masalah, mending sibuk digawe.

Ayeuna usum hujan. Taneuh aya, cai aya. Ucapkeun Alhamdulillah. Saterasna eta ucapan diwujudkeun kana perbuatan. Syukuran ku pepelakan.

Salah sawios Sohabat kanjeng Nabi nu namina Sahl nyarios, "Kuring mah nineung ari kana poe jumaah teh.""Naha?" taros rencangna.

Teras Sahl nyarioskeun, naon margi anjeunna nineung pisan kana dinten Jumaah. Saur sahl, margi aya hiji istri--ibu-ibu tos sepuh, sok pepelakan di kebonna. Si ibu teh melakan tangkal silk dina gigireun kamalir kebonna. Saru kita terjemah hadits Bukhori mah, silk teh hiji tangkal sabangsaning saledri. Lamun sumping dinten Jumaah, si eta ibu sok metikan dahanna, teras dicandak ka bumi, dikumbah, dipotongan, teras digodog dina pariuk, dicampuran ku tipung gandum, dikulah-kaleh, dikulah-kaleh, dugika nganyod sapertos daging.  Wangsul Jumaahan, Sahl sabalad-balad, sok ngahaja nyimpang ka bumi eta ibu-ibu. Uluk salam, dibukakeun panto, dibageakeun, dipiwarang caralik, teras disuguhan teuangeun tadi. Tah, ku alatan eta, Sahl sik nineung kana poe Jumaah. Sok geregeteun, teu geura-geura Jumaah. Meureun, matak kitu oge, godog tipung buatan Si Ibu teh enak.

Mending pepelakan. Emut kana dangdingan Jenatna Mama Haji Khoer Affandy ti Manonjaya:

Masing loba pepelakan
Masing loba tatancleban
Ngarah loba ala-alaeun
Lamun nyesa loba bikeuneun

Aslina mah kan urang Cigugur, Cijulang. Ka Manonjaya mah ngumbara. Uwa Ajengan ngadongeng, "Datang ka Manonjaya Uwa mah teu boga taneuh sajeungkal-jeungkal acan. Nyewa nu batur." Taneuh juragan Haji Une disuhunkeun kangge dipelakan. Sawios maparo. Hasilna dibagi dua. Galeng balong batur ditambut, dipelakan taleus, dipelakan sampeuh, dipelakan bawang. Subur loba dahareun.

JELASNA TAMBAH NIKMAT

Emut kana ayat anu nerangkeun, lamun anjeun syukuran, nikmat bakal nambahan.
Tah, jadi lamun syukurna nepikana perbuatan mah, nu disebut tambahna nikmat teh bener-bener karasa, bukti, nyata, jelas. 
Ek teu jelas kumaha. Ayeuna urang tingal nu pepelakan.
Keur nyiapkeun lahanna nikmat. Keur maculna nikmat. Keur melakna nikmat. Keur ningali pepelakanna pucukan nikmat. Ngadangu turun hujan nikmat. Keur panenna nikmat. Komo keu nuang hasilna nikmat. Nyesa, terus aya bikeuneun ka batur, keur mikeunna nikmat.

NIKMAT MACUL
 
Keur maculna nikmat. Muhun katingalna mah papanasan, babalekot ku taneuh, katingalna siga susah tah nu macul, tapi sakali nyobian macul, bakal karaos nikmatna. Mun tos terang elmuna, behna mah macul teh hampang. Teu susah teu sing. Susah sote mun paculna dikeukeuweuk. Pageuh dicekel tipepereket. Pantes we nepika dampal panangan bararucat oge, da eta nyekel paculna dikeukeuweuk pageuh. Ngan teu wae bari digegel ku careham. 

"Yeuh, ari nyekel pacul surulak sorolok" ceuk nu mapatahan ka sim kuring.
Enya we, teu kudu pageuh-pageuh. Ngangge tanaga mah saukur keur ngangkatna hungkul. Kahandapkeunna mah teu kedah ditanagaan. Tinggal nyaimbangkeun. Da tanagana mah tos aya ieuh tiba gravitasi bumi. Lempengkeun kana taneuh ulah kana bincurang. Enak. Teu, teu kudu dihabekkeun ka handapna mah. Malah mun dihabekkeun, tereh ruksak kana paculna. Tereh locot. Ringan we, kaclek-kaclek. Teu karaos rapih we sagalur. Geuning ari bade melakkeun bonteng mah sok digalur-galur. Ari abdi mah di Buniseuri melak kangkung. Digarisan ku rapia, da bisi teu lempeng. Era ku batur, bisi disebut ngagambar oray. Neangan rapia, dirantengkeun. Lebar sameter leuwih, jadi macul teh, teu kudu bari pusing ngelelempeng kamalir, tinggal nuturkeun rapia.
Rapih sajalur, dua jalur, dilieuk teh nikmat. Alhamdulillah, beres. Beuki sumanget nyieun galur sejenna. Awak ngesang, alhamdulillah ngesang. Batur mah hoyong ngesang teh ngahajakeun olah raga. 

Di lembur abdi, di Panawangan, aya nu pupus. Syareatna mah alatan serangan jantung. Sakumaha biasa lumrahna di kampung, diayakeun tahlilan. Sore-sore, bakda Asar. Wangsul tahlilan ti dinya, sim kuring ngobrol sareng bapa-bapa. Pensiunan. Ngobrolkeun ti antawis nu matak nimbulkeun serangan jantung. Tiantawisna kirang olah raga. "Bapa mah tara ngaroko, tara ngopi, sare tara langkung ti tabuh sapuluh. Teras, unggal dinten kudu ngesang. Matak, bapa mah ka kebon teh sanes pedah hoyong artos ladang pepelakan ladang pepelakan teuing, tapi neangan ngesang. Ngala parab, melak cau, supaya ngesang."

Para guru biasana kagungan reket. Mulih ti sakola teh enggal dikolor, atanapi ditrening. Mekel kok, sapuluh, reket sapuluh. Keur serepna. Jig ka GOR, ngadon nepak. Seak jebrodd. Seak jebrod. Tahaan. Puk puk puk. Tung, kaclek. Cur cur cur, kesangna. Lap dipel ku anduk. Neangan olah raga, neangan ngesang.

Emut kapungkur, pami bade angkat ka sakola, lebah pudunan masjid Jame, palih tonggohna aya bumi Pa Haji Suryana. Pami ngalangkung ka dinya, enjing-enjing, Pa Haji teh sok nuju jalan-jalan payuneun bumina, disapatu, ditrening, dikaos. Duka mulih ti mana, panginten uih lari. Olah raga, sangkan sehat.

Memang olah raga teh nyehatkeun pisan. Margi dina badan urang teh aya zat nu namina kolesterol. Ari kolesterol teh basa sederhana na mah lemak tina tuangeun nu lebet kana patuangan urang. Lebet kana getih, ngalir mapayan urat. Nu namina minyak tea, terang nyalira, nuju gegeroh oge sok gampil pisan napelna kana parabot. Matak dugika ngagaleuh sabun oge ngarah minyakna beresih, malahan sabunna oge aya nu khusus ngandung sari jenuk nipis. Sabab eta minyak gampil pisan napelna. Tah dina awak urang ogenan, eta minyak teh gampil pisan napelna kana bilik-bilik urat. Siga lumut nu napel dina paralon. Mimitina mah saalit, tapi lami-lami, sabab seueurr nu ngalangkung ka dinya, beuki numpuk beuki numpuk, nu akhirna tumpukanana beuki seueurt, akhirnya nyocokan we,.....mun tos nyocokan? Bahaya. Mun nyocokannana caketeun jajantung janten serangan jantung. Lamun nyocokanana dina otak, janten struk. Sok aya nu dugika bengo, aya nu dugika maot sabeulah. Eta teh akibat urat nu kasumbat. Tah supados minyak nu dina urat eta teu nyumbat, awak kudu sing remen panas. Geuning ari kapanasan mah mantega nu ngabeku oge sok cair jadi minya. Sami minyak nu numpuk dina urat ogenan, ku seueur olah raga, gerak, usak-usik, sumbatan dina urat teh bakal cair deui, ngalir lancar.

Saran ti abdi, bilih hoyong ngesang mah mending keneh macul. Supados katingal hasilna. Janten lahan kangge pepelakan. Bisi teu aya paculeun, Pa Rurah Iwok oge asana moal kaabotan kalungguhannana dipangmaculkeun. Teu kedah ngemutan buruhna, kan tujuanana oge olah raga. Pa Rurah Iwok oge pasti ngartos. Tos panen oge ke sumping ka bumi, bari nyandak pare sakarung.

"Pa Mangga ieu pare sakarung."

Kumaha deui, tinggal nganuhunkeun. Memang kitu nu ngalakukeun kasaean mah, bakal meunang deui kasaean.

Tapi Pak Iwok calik wae di tengah bumi. Teu can angkat wae. Saur Pa Rurah teh, "Ieu teh Pa 50 kilo."

Tah maksad Pa Rurah teh, bade masihan terang Ka Pa Haji nu dipasihkeun teh seueur pisan. Nya Bapa Haji kantun nganuhunkeun, "Oh enya nuhun ya Rah."

Tapi Pa Rurah, nyarios deui, "Pa, sakilona pare teh 6500."

Enggal waler ku Bapa teh, "Oh enya duh keur mah pare mahal, beas mahal, kari-kari ayeuna aya nu ngirim, nuhun pisan Rah"

Yakin tah dikitukeun mah Pa Rurah enggal angkat ti bumi.

Pa Rurah, hapunteun heureuy. Abi sok ngalangkung ka Simpur jalan, ulah dikukumaha.

Macul teh nikmat ku olahragana, nyehatkeun.

NIKMAT NINGAL PUCUK

Rapih macul, bagean ngaseuk. Tos kitu sup sup sup binih kangkung teh diasupkeun. Tutupan ku taneh. Tah kirang langkung tilu dinten ti harita, pucuk sok mimiti kaluar. Ningali pepelakan pucukan teh kenikmatan. Basa pun mitoha mapatahan, supaya resep pepelakan, anjeunna ngajelaskeun nikmatna pepelakan teh mun tos ningali tatangkalan pucukan. Mangga taroskeun ka unggal patani, kumaha rasana nalika ningal pepelakanna ngawitan pucukan?

Nu pepelakan ningal tangkal cengek pucukan.
Nu teu pepelakan ningal tangkal cengek pucukan.
Tangkalna sami, pucukna sami. Tapi ningalna nu pepelakan beda karasana sareng ningalna nu teu pepelakan.

Ieu kanyataan dibahas ku Allah dina Al-Qur'an, surat Al-Fath ayat dua puluh salapan.

"Muhammad teh utusan Allah, jeung jalma-jalma nu ngabarengan anjeunna teh keras kanu kalafir, silih asih diantara sasamana. Anjeun ningali maranehna raruku, sarujud, miharep kurnia ti Allah jeung karidoan. Ciri-cirina, katembong dina beungeutna aya tapak sujud, nya kitu misil maranehna dina Toret jeung misil maranehna dina injil. Saperti pepelakan nu ngaluarkeun sirungna, anu tuluy nguatkeunnana, nya jadi weh eta sirung teh kuat dina tangkalna, matak reueus kanu melakna, supaya jalma-jalma kafis jarengkeleun. Allah ngajangjikeun ka jalma nu iman jeung mingawe amal soleh ti antara maranehna ku pangampura jeung ganjaran anu agung."

Kitu saur Al-Qur'an ogenan. Jaradina pucuk teh matak reueus kanu melakna. Basa nuju diajar tani, diajar macul, diajar ngagarpu, bari calik dina galeng, muka sangu teras tuang sareng asin sareng geletok cengek, pun mitoha mapatahan, "Tuh, bungahna pepelakan teh mun geus parucukan. Duh seger katingalina teh." pokna ditungtungan ku seuri. Abdi oge seuri ngahargaan.

NIKMAT PANEN

Keur pucukan nikmat. Nuju panen? Komo atuh....

Malah di lembur abi mah, di Panawangan, bakating ku bungah-bungahna bade panen, dugika, ti sateuacan panen oge jalmi tos eak-eakan di sawah, susurakan, raramean. Nu nyandak kaleng kueh. Rupi-rupi merek kueh. Aya Khong Guan, aya kueh rasa durian, aya Butter Cookies. Dicarandak ka sawah. Margi teu aya eusian, kuehna tos seep, maka dieusian ku batu, aya nu dieusian ku kaleci, ditalikeun kana tihang awi, terus masang tali rapia nu dirarawisan ku keretas, ti galeng tonggoh nepika galeng panglandeuhna, paturabeng ka wetan ka kulon, badis kuer Agustusan. Supaya rame, eta tali ditarik, baru hus has hus hus. Rameeee kacida. Kaleng disarada, aya nu ngahoyah-hoyah bae. Ngebahan manuk. Ripuh. Haduuuh...duka kunaon geus dua usum loba wae manuk. Geus deukeut ka panen teh kudu sibuk di sawah. Rebun-rebun keneh, geus kudu reureumisan, bararaseuh, gararateul, ngebahan manuk. Meni siga meunang ngawurkeun, eta manuk, ngarebu. Ari sawah nu tangga-tangga tea. Diudag ka tonggoh, hiber ka landeuh. Diudah ka landeuh, pindah ka tonggoh. Licik maranehna mah boga jangjang, urang teu boga jangjang. Ti isuk jedur nepika sore jebred. Jam lima manuk marulang, jalmi-jalmi marulang, abdi oge wangsul. Enjing ngawitan deui, raramean deui, kitu jeung kitu nepika panen. Asa cape, tapi saatos dipikir deui, ieu teh nikmat. Da mun urangna kreatif mah, sabenerna manuk piit teh rejeki. Mun leukeun mah dijaring, ditewakan, digoreng, meureun jadi deungeun sangu. Na halal kitu? Halal, da ramo sukuna teu maro. Pan nu haram mah manuk nu lamun euntreup ramo sukuna maro. Du ka tukang, dua ka hareup, sakaterang abdi mah kitu.

Penen nikmat. Bahkan ti keur ngebahan piit na oge nikmat. Resep, raramean di sawah. Mun teu kitu-kitu acan, kesel.

Daripada kukulutus, mending syukuran. Syukur ku ucapan, syukur ku perbuatan.

Resep ka tingalna, Pa Asep, mulih sakola, nu sanes mah ngemutan ngereureuh, santai, Pa Asep mah henteu. Ngasah arit, mekel karung, berengbeng dina motor ka Ci Oray, ngarit. Datang ka bumi, dua karung jukut pararinuh. Jongjon nepika isuk. Siga nu resep. "Ih memang muhun" saur Pa Asep bari calik dina tangga payuneun bumina. "Siga nu ngaroko, mun teu ngaroko teh sok asa nu kurang, asa teu enak. Ngurus domba ogenan kitu, mun can ngarit teh sok kaemut wae. Duh yeuh can ngarit. Mun tos ngarit, jongjon."

Kabita ningal Pa Asep giat ngurus domba, abi oge nurutan. Di Buniseuri, sisi pasawahan, ngadamel kandang domba. Da teu bisa ku sorangan, muruhkeun ka tatangga. Mantuan ngakutan kaina, mantuan ngala awina. Marerang, nyareri tak tak, manggulan. Rapih kandangna, bagean neangan dombana. Ka tugaran. Pas dombana dibijilkeun, bet ngadak-ngadak dieun. Eta tandukan ranggaek, sieun nubruk. Nungtun ge teu wani. Teu wanina teh, apanan nungtun domba teh ti payun, domba ti tukang. Kumaha teuing nasib kuring mun domba ngadak-ngadak nubruk. Asana era kadengena, mun seug gering. Ceuk batur teh kunaon? Katubruk domba. Enya resep oge ngurus domba teh. Ngarit papanasan ka tengah sawah. Mulang teh jukut dibahekeun kana pamakanan domba, terus diharakan, nikmat karasana teh. Bungah.

Ladang cape teh katarimakeun. Beda jeung basa di imah. Nyonya teh pesen Tutug Oncom. Pedah di tasik aya nasi terkenal nu disebut nasi tutug oncom. Pangmeulikeun, cenah. Nya seug, da murah ieuh. Mulang teh ngahajakeun heula, meuli tutug oncom. Sajauh-jauh di bawa, ti Manonjaya, ngalangkungan jembatan Cirahong, kota Ciamis bari teu kagungan SIM, terancam polisi, ka ditu, jauh ka Panawangan, ka Leuweung, ka gunung, datang teh ka rorompok, diasaan saeutik, geus weh diantep...tapi ayeuna mah ka domba, tos cape ngarit teh, ditarimakeun, diharakan....bungah, meni gares-gares...

Pedah ieu teh pangaosan pamuda, tah saur abdi mah kedahna kitu pamuda teh. Syukurna kudu ngabukur. Kudu nyata ku perbuatan. Manfaatkeun taneuh, malah mun aya modal mah iinguan. Ulah eleh ku urang Yahudi. Urang Yahudi mah elmuna teh diparake. Tuh di Israel, dina taneuh ladang ngarampasan ti urang Palestina, di padang pasir sapanas-panas, marelak jagong, marelak cau, apel. Geus puguh korma mah, da memang daerahna. Apel laleubeut, korma lalandung, cau...diurus, digemuk, diceboran, atuh buahna oge hade. Marawana oge,  sanes ditumpuk dina kolbak, tapi masang tali ti kebon cau ka gudang pengemasan. Sangkan cauna teu ruksak penampilan cankangna. Sanes cau siem, sanes cau kolemas atuh, tapi cau Carvendisk.

Daraekan, parepelakan, maenya urang eleh?
Maenya urang teu pepelakan. Pan dasarna tos jelas disaurkeun ku kanjeng Nabi, dina hadits nu diriwayatkeun ku Imam Muslim

Related Posts:

0 Response to "Pangaosan Pamuda: Syukur Nu Make Bukur"

Post a Comment